Kajian kitab kifayatul Atqiya..📚 KH SYAFII SAEFULLOH (APA ANOM)
DAHSYATNA NGAOS ISTIGFAR KHUSUS BA'DA SHALLAT ASAR..
روى معروف الكرخي رضى الله عنه باسناده عن أنس بن مالك وابن عمر رضى الله عنهم أن رجلا أتى النبى الله..
فقال له يَا رَسُول الله دُلَّنِي عَلَى عَمل يُدخِلْنِي الجَنَّةَ قَالَ لَا تَغْضَبْ قَالَ فَإِنْ لَمْ أَطَقُ ذَلِكَ يَا رَسُولَ الله قَالَ فَاسْتَغْفِرِ اللَّهَ عَزَّ وَجَلَّ كُلَّ يَوْمٍ بَعْدَ ترك صَلَاةِ العَصْرِ سَبْعِينَ مَرَّةً يَغْفِرْ لَكَ ذُنُوبَ سَبْعِينَ عَامًا قَالَ فَإِنْ لَمْ يَأْتِ عَلَى ذُنُوبُ سَبْعِينَ عَامًا قَالَ يَغْفِرُ أمسك الأُمِّكَ قَالَ فَإِنْ مَاتَتْ أُتِي وَلَمْ يَأْتِ عَلَيْهَا ذُنُوبُ سَبْعِينَ عَامًا قَالَ يَغْفِرُ لأَقَارِبِكَ...
Ngariwayatkeun syekh Ma'rufil Karhiy Ra. Anjeuna nampi riwayat ti katerangan ti Sayyidina Annas bin Malik, nampi ti Ibnu Ummar RA.
Dina hiji riwayat,aya hiji rojul (lalaki). Sumping ka kangjeng Rosulullaah Saw (Naroskeun). Kieu riwayatna..
" Yaa Rosulullaah Saw Muga nuduhkeun salira ka abdi,kana hiji padamelan/Amalan. Anu ngalebetkeun itu amalan tea (ka abdi), ka surga."
Ngawaler kangjeng Rosulullaah Saw..
Babari hayang asup ka surga mah..
"Ulah Ambek maneh."
Naros deui itu Rojul..
"Maka upami teu kiat abdi (teu tiasa),kana itu nahan Ambek yaa rosulullaah Saw..?"
Ngawaler kangjeng Rosulullaah Saw..
"Dimana-mana maneh teu bisa nahan kaambek,mangka Istigfar (menta hampura) maneh,ka Alloh 'azza wajalla. Dina unggal poe,tina sanggeusna shallat Asar 70x. Mangka ngahampura Alloh ka maneh,kana pirang-pirang Dosa 70 taun."
Ngawaler deui itu rojul..
"Mangka lamun teu datang (ka abdi) pirang-pirang dosa 70 taun..?"
(Kumaha upami abdi teu ngagaduhan dosa 70 taun..?)
Ngawaler kangjeng Rosulullaah Saw..
"Bakal ngahampura (Alloh),kana Dosa indung maneh.."
Ngawaler deui itu rojul..
"Kumaha kulan,upami parantos pupus (pun biang)..? Sareng henteu dongkap ka pun biang pirang-pirang dosa 70 taun..?"
(Kumaha upami tea mah pun biang teh hnteu ngagaduhan dosa 70 taun.?).
Ngawaler kangjeng Rosulullaah Saw..
"Bakal ngahampura (Alloh),kana sapirang-pirang dosa,sapirang-pirang karabat maneh."
(Dosa lanceuk,dosa adi,dosa alo,dosa dulur,eta we sakur-sakur dosa karabat).
#kajian #alasantri #motivasi #pepeling #nasehat
Komentar