LAIN ULAH BOGA DUNYA, TAPI ULAH CINTA DUNYA
Dimana jalma loba cintana kana dunya
maka beuki embung ka akherat, beuki embung maot, beuki embung nyanghareupan Alloh, beuki embung nyanghareupan pertanyaan di akherat.
Dimana muncul rasa embung jeung rasa sieun,
eta jalma beuki jauh ti Gusti Alloh, beuki hese diajak ibadah.
Sieun sangsara, sieun teu dahar, sieun teu kabeuli mobil, sieun dihina, sieun pamajikan kabur..
24 jam pikirana dihantui ku kasieun.
Poho ka akherat, poho ka Alloh, poho rek maot,
poho engke naon anu rek dibawa ka akherat.
Hayu sarerea sakedik-sakedik, lalaunan urang diajar ngalawanan hawa nafsu supaya urang salamet
di Akherat..
Aamiin yaa Alloh yaa robbal 'aalamiin 🤲
Komentar