Lima perkara nu jadi sabab nambahan kahadean
jeung ngalegaan rezeki:
Kahiji,
jalma nu ngalanggengkeun sedekah,
boh saeutik boh loba.
Sabab sedekah teu ngurangan harta,
tapi ngabersihan rezeki
jeung muka panto berkah.
Kadua,
jalma nu istiqomah nyambungkeun tali silaturahmi,
boh ka nu deukeut boh ka nu jauh.
Silaturahmi manjangkeun umur dina berkahna
jeung ngalapangkan rezeki.
Katilu,
jalma nu terus berjuang di jalan Allah,
ngajaga niat,
tekun dina kahadean,
sanajan jalanna teu sok lemes.
Kaopat,
jalma nu istiqomah ngajaga wudhu,
bari henteu kaleuleuwihi dina ngagunakeun cai.
Bersih lahir jeung batin,
hemat,
jeung ngajaga amanah nikmat Allah.
Kalima,
jalma nu istiqomah taat ka indung bapa,
dilandasi ku niat ibadah ka Allah SWT.
Ridho Gusti raket pisan jeung ridho indung bapa.
Lima perkara ieu lamun dijaga kalayan ikhlas,
insyaAllah jadi jalan
nambahan kahadean dina hirup,
ngalegaan rezeki dina berkah,
jeung ngadeukeutkeun diri ka ridho Allah.
Sabab rezeki nu saenyana
lain nu loba katingali,
tapi nu karasa cukup jeung tentrem dina hate.
#motivasi #nasehat #kajian #pepeling #alasantri
Komentar